"Kita sudah cukup begini, kita hanya punya nama baik, itu saja yang harus kita jaga terus." (Muhammad Hatta)

Lembur Aing Halodo

Rabu, 29 Juli 2015

Caritana hujan ogah ngabanjur
Ka lembur aing nu hareurin
Ka lembur aing nu ngarebul

Caritana hujan ogah ngabanjur
Ka lembur aing nu panas
Ka lembur aing nu ganas

Taneuh gararing
Leungit subur tatangkalan jadi gareuring
Dangdaunan lalayu
Leungit hejo jadi koneng kariting 

Cai keran ngaleutikan
Tinggal empang nu loba caina
Cai sasak saat
Tinggal leutak nu empoy jadi heuras

Bangkong di mana sia?
Geus dua bulan aing kaleungitan sia
Geura seuri geura nembang atuh

Beh hujan daek ngabanjur
Ka lembur aing nu hareurin
Ka lembur aing nu ngarebul

Bangkong di mana sia?
Geus dua bulan aing kaleungitan sia
Geura ngacaprak

Beh sawah-sawah bapa kolot aing
Nu ayeuna jadi aset PT PT urang kaya Jakarta
Harirup deui
Najeun beasna ngeun jadi carita

Beh kebon-kebon bapa kolot aing
Nu ayeuna jadi imah-imah bararagus
Sarejuk deui
Najeun subur baruana ngeun jadi carita

Bangkong di mana sia?
Emang heeuh hujan karak datang dua bulan deui?
Kudu kumaha geh?


-----------------------------
Tangerang, 29 Juli 2015
Hampura lamun basa sundana nya goreng nya kasar


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kalau mau komen silahkan komen. Siapa aja boleh komen, apa aja asal tidak menghina SARA. Woles men...